-->

Contoh Teks Khutbah singkat 'Idul Fitri Bahasa Sunda Terbaru 2018

Contoh Khutbah 'Idul fitri Dalam Bahasa Sunda - Hari raya Idul Fitri adalah merupakan hari raya bagi ummat Islam yang mana di rayakannya pada tanggal 1 bulan syawwal menurut hitungan tahun hijriyyah sesudah melaksanakan puasa sebulan lamanya pada bulan ramadhan, Semua ummat Islam diseluruh dinia pada merayakannya.

Umat Islam dalam satu tahun itu memiliki dua hari raya yaitu hari raya Idul Fitri dan Idul Adha, namun dalam pelaksana memeriahkan kedua hari raya itu yang paling meriyah adalah hari raya Idul Fitri, padahal kalau menurut kaca mata agama nilainya besaran hari raya Idul Adha ketimbang Hari Raya Idul Fitri.

Dalam kegiatan pelaksanaan Hari raya baik Idul Fitri mau pun Idul Adha maka di sunahkan untuk melaksanakan dua rakaat shalat dan sesudah melaksanakan shalat di akhiri denga membacakan khutbah dua yang dibacakan oleh seorang khatib, nah untuk itu maka kami di sini menyajikan salas satu contoh khutbah Idul fitri singkat dalam bahasa sunda singkat, guna untuk mempermudah pencarian teks bagi para khatib seperti di bawah ini:

Contoh Khutbah Idul fitri Dalam Bahasa Sunda Singkat

Assalaamu'alaikum Wr Wb.

الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر، لا إله إلا الله الله أكبر ولله الحمد
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ كَتَبَ عَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ الصِّيَامَ فِي شَهْرِ رَمَضَانَ، وَأَنْزَلَ فِيْهِ الُقُرْانَ هُدًى لِلنَّاسِ وَبَيِّنَاتٍ مِنْ الْهُدَى وَالْفُرْقَانِ، وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاَّ الله وَحْـدَهُ لاَ شَـرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُـوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَّلِّ وسلم عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ مُحَمَّدٍ وَعَلَى الِهِ وَأَصْـحَابِهِ ومَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانِ إِلَى اخِرِ الزَّمَانِ، أما بعد: فَيَا مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ رَحِمَكُمُ الله، أُوصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَا اللهَ فَقْدْ فَازَ الْـمُتَّقُوْنَ. وَقَدْ قـَالَ اللهُ تَعاَلَى فِي الْـقُرْاَنِ الْكَرِيْمِ

Catatan : untuk bacaan ayat al-Qur'annya bisa di sesuaikan dengan materi.

Cunduk waktu nu di tunggu-tunggu, sapagodos waktos anu di antos-antos, pasini wanci anu di anti-anti, kabingah anu bungangah, sarta kagenah manah datang nepangan urang sadayana nyaeta “Idul fitri”. Margi salami sasasih ramadhan, urang mancuhken kuda-kuda taqwa, nguatken jurus kaimanan, nampanan panarajang serangan syaetan, ngabendung panundung hawa napsu, ngepesken kalayan nyingcetken kamaksiatan, Alhamdulillah tiasa di atasi urang aya dina kamenangan, saum romadhan cumpon, shalat fardu, shalatsunat teu kaliwat, tadarusan qur’an satamatan, zakat fitrah kabayar punah.

اللهُ اكبَرُ- اللهُ اَكْبَرُ- اللهُ اكبَرُ لااِلهَ الااللهُ وَاللهُ اكبَرُاَللهُ اكبَرُ وَللهِ الحَمْد

Saum ramadhan mangrupiken ujian fisik sareng mental, ker ngukur barometer kimanan urang, kangge ngabentenken mana inten mana berlian, mana perak mana emas, mana nu asli mana nu imitasi, mana nu taat mana nu maksiat. Sadayana nyata tiasa ka uninga ka tembong kubalarea nilai individu tiap jalmmi terutami ku dirina masing-masing.


‘Alloh rek nguji ka aranjen, saha diantara aranjen anu pang saena amal”

Allohuakbar 3x
Saum ramadhan sarana latihan anu pinuh ku pendidikan , upami dikali, ditaliti, diselidiki  meuhpeuy leubeut ku buah pituah papatah anu barokah,alaeun urang umat islam. Rambay alaeunnana sangkan kengeng hasil anu muceukil, ulah nihil, anu deket urang beungkeut,anu anggang urang taekan, anu jauh urang ajul kalayan ngangge gantar kaimanan sareng kataqwaan, kengge modal ngagolangken hirup urang, sangkan aya dina kasuksesan memperjuangken hirup jangka pendek didun’ya, demi ngahontal hirup jangka panjang di akherat engke, sakumaha tujuan anu ngancik tinaleuleumbutan urang.

اللَّهُمَّ آتِنَا في الدُّنْيَا حَسَنَةً ، وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً ، وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

Di dun’ya kengeng kasaean, di akherat kengeng kasaean, bari salamet di jaga tina seneu neraka.

Allohuakbar 3x
Mangga gera emutan nostalgia saumurang sadayana, geuning ngosongken beteung teh lapar, dahaga, leuleus, lungse teu aya tangan pangawasa, cacakan urang mah ngan sakadar ngeserken kabiasaan, anu kawit neda enjing-enjing dieserken jidi janari, neda sonten dieserken jante magrib. Deudeuh teing dulur urang anu miskin anu fakir anu yati, anu sadidintenna nahan ;lapar, tuang sore isuk henteu, isuk ngabubur sore nganggur, ngesian patuangan sakaparan-paran kumaha mendakna bae, anggean belel pinuh ku tatambalan, kulem dimana bae dugna da tegaduh padumukan, mamah dikolong jembatan ngangge amparan koran.

Komo upami ngemutan nasib anak yatim anu tos dikantunken ku Ibu ramana,atanapi salasahijina, kacida Pikawatirenana, boro-boro kerkokobot pendidikan ker jajan ge seuseut seuat, kabayangken kurat karetna kahirupan, unggal dinten ngalimba ngembay cai soca emut kanu tos teu aya, ieu teh belaaneun urang,emutanan urang.


“Kaleubeut jalmi anu ngabohongken kana agama, anu ngantep ka anak yatoim teu mirosea ka fakir miskin, dugi kamantenana hirup kadungsang dangsung teu aya anu melaan.

Allouakbar 3x
'Idul fitri kasempatan kangge nyaliksik diri nyiaran badan bilih urang kamalinaan, romaos urang teh lamokot kudosa, jeblog ku kasalahan, seueur laku anu teu saluyu, lampah anu teu meureunah, nukang nonggong jeng papago, nyengsar tina atiran agama urang, boh dosa anu langsung ka Alloh, atanapi dosa anu aya patula patali jeung papada urang. Kasempatan anu hade ker nyuciken diri urang, hayu urang tarobatan, sing yaqin Alloh lautan hampura, gede keneh hampura Alloh di bandingken jeng dosa urang, gede keneh kanyaah Alloh di bandingken jeng kaburaongan urang, Alloh baris ngahampura kamahluqna anu tobatanu niat rek babalik pikir.

Innalloha yaqbaluttaubatal mudznibiin. “Saestuna Alloh baris ngahampura kana tobatna jalma-jalma anu berdosa”.

 Allohuakbar 3x
Piken nyampurnaken kasucian awak urang tina rereged kasalahan jeng papada urang. Idul Fitri angge kasempatan silahturrahmi sakantenan silih lubarken dosa jeng papada urang sangkan ulah janten gantar kakaitan, engke di poe qiyamah, gera silih hampura jeng batur sakasur, jeng batur sasumur, jeng batur salembur, jeng dulur-dulur. Kahade payunken ka Ibu rama anu masih keneh aya, margi sareatna moal aya urang mun teu aya Ibu rama, singembut indung anu ngandung dugi kasalapan bulan, saripati anu aya dina salirana disadap ku urang salami dia tahun lamina. Bapa anu ngayuga toh pati banting tulang neangan bekel kangge hirup urang.

 Allohuakbar 3x
Mangga gera galih waktos cai ibu subuh nyulusup kan awak sakujur, sora adzan hawar-hawar kadangu tinu katebihan, hiliwir angin sumelir mere pirasat, harita indung urang ngusial karasa patuangan, Bapa lumpat ti buburinjat di saksian ku bulan sapasi, rek neang indung berang. Sing embut ! basa ema makalangan nyesaken nyawa dina tungtung socana, harita ema adug lajer lolongseran guyang getih, ti kekereket ngaluarken tanaga anu rohaka bari luut leet ku kesang. Kesang gede kesang leutik kaluar masehan salira. Pasrah sumerah kana kaayaan antara hirup sareng maot, hate ngawur tagiwur, di barengan ku rasa paur, kucap kicep jeng ramisak cai panon, nyambat ngajerit kaurang sing gera lahir kadun’ya nambah eusi hate buah panyilekan. Bungah bungangah teu aya hinggana ngabageaken urang medal ka dun’ya bari mulus banglus sampurna salamet.

Allohuakbar.3x
Asa enggal keneh urang ku ema jeng kubapa di bawa leuleumpangan lalayaran ancrub tina kahirupan, bari di siram ku wiwihan kanyaah jeubeuk ker urang, beurang jadi carita, peting jadi impian, mun urang galinggeng paranas tiris, dampalan panangang ema jeng bapa silih gantian nyabakan tarang urang, manah ema jeng bapa motah rongkah pinuh ku kahariwang jeng kamelang, cai soca ramisak caah ngagoah ngadu’a sangkan urang waluya, teuteup deudeuh meuweuh ngagaleuh beungkeut geugeut lir gula jeng peueut, keclak kacintaan ema jeng bapa seueur kacida, euweuh handeuleum keur neundeun teu aya hanjuang piken panundaan. Wabilwalidaeni ihsanaa. “Sareng kanu janten ibu bapa kedah midamel kasaean”.

 Allohuakbar 3x
Bagja kacida kanu masih gaduh keneh Ibu rama, usum lebaran tiasa sasalaman patarema panangan bari nyuhunken di hapunten bebeakan, nyuhunken jiad pidu’a ti duanana, tapi piken jalmi anu tos teu gaduh ibu rama tos mayunan mulih karohmatulloh tos aya di alam barjah, mun bati kabita bari hate ngagerentes, mun ema jeng bapa aya keneh, rek sasalaman bari di rangkulan jeng diciuman, rek bebeakan nyuhunken jiyad pidu’a ti marantena.

 Allohuakbar 3x
Ayena ema jeng bapa geus aya dina angkeredong sangkeredong, aya dijero quburan, anu boa teuing jasadna tos seep di gayeman ku sasatoan, anu aya kantun tulang talengna, mun emut ka ema jeng kabapa paling jiarah nyaksian tutunggul kuburanana, tawis ciri wanci titimangsa yen didinya aya quburan ibu sareng rama anu berjasa. Malih asa kabayangken keneh dina emutan urang waktos ibu rama urang ngajolopong dina jero pasaran bari di garotong kuopatan, teras di leubeutken kana jero kuburan bari di rurub ku taneh bereum. Deudeug pangadeugna, pamenteuna, rindat socana,
kanyaahna, kadeudeuhna, kabayangken bae teu acan leler dina emutan.

Allohuakbar 3x
Hate ratug tutunggulan, gumulung ngagulung ku rupa-rupa pertanyaan, anu hamo teu aya jawabanana, kumaha nasib ema jeng bapa di jero kuburna?Kainggis karisi kamelang jeng kahariwang anu malang dina emutan, sok sieun ema jeng bapa aya dina katalangsaraan, nandangan siksa dijero kuburna bari urang teu bisa melaanana . Ema! Bapa ! Ieu abdi seja jiarah nepangan, nuju naon ema sareng bapa ayeuna? Naha ema sareng bapa teh bagja atanapi cilaka? Nuju bingah atanapi nuju sedih? Nuju di rohmat atanapi disiksa? Eta pisa patarosan anu hamo teu aya pisan jawabanana.

Duh gusti pangeran abdi, hapunten dosa perdosa pun biang sareng pun rama, tetepken iman islamna, tampi amal ibadahna, caangken legaken quburna. Duh gusti pangeran abdi salametken pun biyang sareng pun bapa. Jait tina katalangsaraan sareng kasedihna, kucuran ridho, rohmat,sareng magfiroh, jantenken ku gusti pun biang sareng pun bapa ka golongan ahli surga. Tepangken abdi sareng pun biang sareng pun bapa engke diakherat bari aya dina kasalametan.

Allohuakbar 3x
Pamungkas carios ti simkuring dana raraga khutbah 'Idul fitri  nyanggaken
” ja’alallohu minal ‘aidin walpaijin walmaqbulin taqobbalallohu minna waminkum shiyamana washiyamakum wakullu ‘amin antum bikhoirin”
Mugi ieu khutbah singjanten pamatri sanubari sarta manfaat kasadayana,Amiiiiiin.

Rupanya itulah yangdapat Kami sampaikan salah satu  contoh khutbah iIdul fitri dalam bahasa sunda sSingkat, semoga ada manfaatnya bagi kita semua dan kita bisa melaksanakannya dari pada isi kandungan khutbah tersebut. Begitu juga kami sajikan khutbah idul adha  dan masih banyak lagi artiel yang lainnya, semoga bermanfaat bagi kita semua.

Advertisement